You are on page 1of 5

Hariring nu Kungsi Nyanding

Purnama nu kungsi leungit,


ayeuna nganjang ka buruan deui,
anu kungsi kapiati,
kiwari urang ditepangkeun deui.
Hariring nu kungsi nyanding,
ayeuna datang ngahaleuang deui,
hayu patarma tineung,
cacapkeun meungpeun aya kasempetan.
Ayeuna mangsa nu ndah,
hayu urang suka bungah,
caang bulan opat welas narawangan,
ati banglas.

Download Kawih Lagu Mp3 nya Disini Gratis

Kembang Asih
Kembang asih na mumunggang,
katebak angin tingarulang,
oyag-oyagan lir nu ngagupayan,
siga jajaka anu rk amitan,
deudeuh teuing, deudeuh teuing,
nu amitan henteu ditemonan,
sok sieun terus pundungna,
boa moal mulih deui.
Kembang asih nu geus lawas,
katebak angin patamburan,
bet jiga runtah nu taya hargana,
awur-awuran jauh ti tempatna,
deudeuh teuing, deudeuh teuing,
silih asih teu aya buahna,
sok inggis peunggas dahanna,
boa rungkad jeung akarna.

Download Kawih Lagu Mp3 nya Disini Gratis

Kembang Impian
Antara lolongkrang kiceup urang pateuteup,
bulan pias eunteup na lalangs kayas,
kaca jendla nu muka
kaca katresnan nu muka,
peuting th teuing ku jempling,
asih th teuing ku wening.
Pangharepan lir laut nu jero,
teu katepi ku sora panggero,
urang teuleuman ku geter deudeuh duaan
urang tataran ku karep jeung pangharepan.
Tong teuing ngedalkeun lisan,
urang guneman na ciptaan,
bagja deukeut patmbongan.
Geter ti ati ka ati,
iber jadina pasini,
saranggeuy kembang impian,
sungkeman kana lahunan.

Download Kawih Lagu Mp3 nya Disini Gratis

Kembang Tanjung Panineungan


Anaking, jimat awaking,
basa Ema mulung tanjung rebun-rebun,
di pakarangan nu reumis knh,
harita keur kakandungan ku hidep.
Geus opat taun ka tukang,
ema nyipta mulung bntang,
nu marurag peuting tadi,
bntang seungit ditiiran, pangangguran.
Anaking, jimat awaking,
basa Ema mulung tanjung rebun-rebun.
bet henteu sangka aya nu datang,

ti gunung rk ngabjakeun bapa hidep.


Nu opat po teu mulang,
ngepung gunung pager bitis,
cenah tiwas peuting tadi,
layonna keur ka dieukeun, dipulangkeun.
Harita, waktu layonna geus datang,
ema ceurik, aduh, balilihan,
ras ka hidep, yeuh, na kandungan,
utun inji budak yatim, deudeuh teuing.
Harita, waktu layon geus digotong,
ema inget, geuning, kana tanjung,
dikalungkeun na pasaran,
kembang asih panganggeusan, ieuh, ti duaan.
Anaking, jimat awaking,
lamun ema mulung tanjung reujeung hidep,
kasuat-suat nya pipikiran,
tapina kedalna th ku hariring.
Hariring ling ku ling,
kana tanjung nu dipulung, h,
kembang tanjung nu nyeungitan pakarangan,
nu nyeungitan hat urang panineungan.

Download Kawih Lagu Mp3 nya Disini Gratis

Peuting jeung Pangharepan


Jep angin entong nyoara,

bongan henteu mawa bja,


geus bntang ulah ngiceupan,
bongan teu mawa titipan.
Mga, enggeus geura leumpang,
pk pindingan itu bulan,
bongan neuteup ti tatadi,
tapi henteu mawa jangji.
Duh peuting ku teungteuingeun,
datang ukur mawa keueung,
henteu ngirim panghareupan,
henteu bja-bja acan.
Boro lila diagoan,
sugan anjeun babawaan,
datang mawa panghrepan,
talatah iber jungjunan.
Duh untung mun boga jangjang,
rk hiber ark ditang,
hayang buru-buru terang,
katineung nu didagoan.
Hayang meunang kacindekan,
anu jadi panyileukan,
naha baris kalakonan,
atawa ukur impian.

Download Kawih Lagu Mp3 nya Disini Gratis

Angin Peuting
Seungit angin Priangan
Ngusapan embun-embunan duh embun-embunan
Hawar-hawar reureundahan ngahariring
Ayun ambing, ayun ambing
Seungit angin kahyangan
Sumerep na lelembutan duh na lelembutan
Hawar-hawar reureundahan ngahariring
Eling-eling mangka eling
Dengkleung dengdek 2 x sisi lamping

Anu dewek enya anu kuring


Tanah wasiat tanah duriat
Anu matak tibelat nya rarasaan
Dengkleung dengdek 2x sisi lamping
Anu dewek enya anu kuring
Tanah katresna jati sarakan
Anu tetep marengan nya lelembutan

Download Kawih Lagu Mp3 nya Disini Gratis

Angkrek Japati
Angkrek japati na cangkring
Keur karembangan
Sisi wahangan barodas
Kareta api geus datang
Sinyal geus muka
Reg di setoplas Cibodas
Gupay gupay anaking
Gupay gupay digupaykeun ku manehna
Reumbay reumbay anaking
Reumbayna nginjeum cipanon ti manehna

You might also like