You are on page 1of 4

ANAK TUKANG BOHONG.

Si Salham anak tukang bohong. Geus kaceluk kamana mendi yen Bapa Salham jelema gede
wadul, gede omong, sumawonna tatangga-tatanggana mah geus teu aya nu percaya saurang-
urang acan kana omong Bapa Salham teh. Lamun aya jelema ngawadul cek baturna teh
Silaing mah kawas Bapa Salham bae.
Barudakna ge salembur eta mah geus nyarahoeun kabeh, nepi ka nelah Si Salham anak
tukang wadul. Sakali mangsa mah Si Salham kacida ngenes atina, dumeh rek milu ulin ku
baturna teu dibawa, pokna:Montong ulin jeung Si Salham bisi katepaan wadul, da anak
tukang bohong, meureun manehna ge gede bohong. Tina ngenesna, tuluy balik ka imahna
bari jamedud. Manehna teh ngomong bae di jero atina ku hayang ngabuktikeun omong batur-
baturna, naha enya bapana teh ahli wadul atawa pitenah bae.
Kabeneran barang datang ka imahna, cek bapana : Salham isukan mah maneh ulah ulin,
urang ngala suluh ka leuweung. Walon Si Salham heug, Di jero atina manehna ngomong:
Nya ayeuna bisa nyelok ka bapa teh.
Kacaritakeun isukna isuk-isuk bral arindit ka leuweung, mekel timbel, deungeunna oncom
jeung sambel, da lalabna mah di leuweung ge loba. Ari Si Salham mawa wajit deui hiji
diselapkeun dina calana. Barang nepi ka leuweung, cek Si Salham:Euleuh, bapa....itu
badak.
Omong bapana:Euleuh heueuh, deuleu itu anakna aya dalapan. Cek SiSalham:Mana
bapa?. Cek bapana deui: Tuh geuning ka lebak. Padahal euweuh badak, euweuh naon-
naon.
Si Salham ngomong di jero atina: Beu, enya, manahoreng bapa teh tukang wadul. Tidinya
ger maranehna ngala suluh. Kira wanci pecat sawed Bapa Salham jeung anakna areureun di
handapeun tangkal kai rek murak bekelna, ari lalabna mah geus ngunduh, bongborosan jeung
pupucukan, keur bawaeun balik ongkoh sawareh..
Kacaritakeun deukeut ka dinya aya susukan gede. Sanggeus entep barang daharna, kesang
geus pepes jeung geus reureuh capena, Si Salham ngomong, pokna: Bapa, kula hayang
mandi heula, cing anteur. Tuluy Si Salham jeung bapana ka cai. Barang datang ka cai Si
Salham mandi, tapi calanana dipake bae, lep teuleum. Barang bijil deui tuluy hanjat, pok
ngomong ka bapana :Euleuh bapa, mana horeng di jero cau teh aya lembur, di dinya aya nu
keur kariaan, kaula ge dibawa ngariung, tah ieu berekatna ngan mawa wajit we hiji. Walon
bapana:Aeh aeh na enya?. Cing bapa rek kaditu. Tuluy Bapa Salham turun ka cai, lep
teuleum. Ari susukan teh teu kira-kira loba batuna, kawantu susukan di pagunungan. Bapa
Salham tidadalagor kana batu, tarangna bancunur. Ari teuleumna mah teu wudu kebel.
Tidinya jol deui bijil, tuluy hanjat.
Cek Si Salham:Kunaon bapa tarang baloboran getih?. Walon bapana:Har kapan bapa teh
di nu
kariaan ditanggap menca, diadukeun jeung urang ditu, teu wudu rada ripuh diteunggeulan
tarang, tapi ari nu eleh mah itu, rubuh ku bapa, teu bisa hudang deui. Omong Salham:Na
dimana bapa aya nu kariaan?
Kapan di ditu di jero cai
Cek Si Salham: Atuh sameureun bapa, kula ku batur-batur sok disarebut anak tukang wadul
nepi ka btur teh teu daraekeun dipiluan ulin, kula teh kacida nya ngenes ati. Manhoreng bapa
teh lain ka deungeun-deungeun bae ngawadul teh, ka anak ge kitu we. Ari kitu mah bapa teh
lain nyontoan bageur ka anak teh. Cing atuh bapa ulah kitu.
Bapa Salham reup geuneuk ray pias, awahing ku era ku anakna, sarta niat di jero atina rek
kapok moal wadul-wadul deui.
Si Kabayan Dicukur
Si kabayan teh jalma kedulan. ari kandulan teh jahe=jago he-es (beuki sare), teu kaop
nyangkere atawa nyarande sok ger wae langsung kerek.

Sakali mangsa si kabayan teh hanyangeun di cukur. Di cukurna handapeun tangkal gede anu
aya disisi jalan mitrabatik. Ari tukang cukurna teh ruruntuk dalang, tadina boga kahayang
jadi dalang tapi teu kataekan, kalah we banting setir jadi tukang cukur. teu wudu payu
nyukurna teh da eta ari nyukur sok sabari ngadalang.

Gek we diuk Si kabayang teh, ti barang gek diuk dina korsi panyukuran geus langsung
lelenggutan wae nundutan. Saperti biasa si eta tukang cukur teh ari ceg kana gunting jeung
sisir tuluy wae ngabuih. ngadalang, pok na teh.

tah kacatur keun di nagara alengka, rajana jenengan Dasamuka. ari dasa hartina sapuluh
ari muka eta hartosna beungeut atanapi raray .

Si kabayan nu geus lelenggutan ngarasa ka ganggu ku si tukang cukur anu bari dadalang, bari
heuay si kabayan nyarita pondokeun wae mang

Trek-trek tukang cukur teh ngaguntingan buuk si kabayan bari pok deui

ari geus kitu eta Dasamuka teh bogoh ka dewi Sinta, geureuhna sri Rama
pondokeun wae mangceuk si kabayan nyaritana selang seling antara inget jeung heunteu
bakating ku tunduh, teu lila reup deui sare.. lilir sakeudeung, tukang cukur teh keur
ngadongeng keneh, ..

Urang tunda dewi Sinta nu keur di Alengka, sabab di paling ku Rahwana. caturkeun sri
Rama. si kabayan asa ka ganggu sarena terus nyarita bari lulungu pondokeun
mang..terus reup deui peureum.

Trek..trek tukang cukur ngaguntingan buuk si kabayan bari nuluykeun ngadongengna. ari tiap
si kabayan lilir, tukang cukur teh keur ngabuih keneh wae ngadalang, tapi ari leungeunna
mah tetep teu eureun-eureun ngaguntingan buuk si kabayan.

Si kabayan keuheuleun pisan sabab sarena kaganggu ku sora tukang cukur, nu sakapeung sok
ngagerem nurutan sora buta atawa ngajerit nurutan sora dewi sinta basa di paling ku
Rahwana antukna si kabayan ngambek ka tukang cukur bari nyarita ceuk aing ge
pondokeunpondokeun

Tukang cukur nembalan dipondokeun kumaha ieu geus lenang kieu.. ari ret si kabayan
kana eunteung enya wae sirahna geus gundul teu sa lembar-lembar acan, puguh wae si
kabayan teh ambek nu dipondokeun teh dongeng maneh lain lain buuk aing

si kabayan morongos, tukang cukur nembalan bari nyentak bongan sorangan, naha atuh
sare wae batur di gawe teh, lain nuhun di embohan ku dongeng teh ngan hing wae si
kabayan teh ceurik bakating ku handeueuleun jaba ari balik ku barudak di poyokan bari di
abring-abring penjol.penjol.

Gajah jeung Sireum


Jaman baheula aya sireum keur ngarak rajana, ngaliwat kana alur jajalaneun gajah. Keur
rame ngarak, jol datang gajah. Sireum nu sakitu keur nakleukna teh, teu antaparah deui, leye-
leye bae ditincakan, bongan cenah make ngaliud di jajalaneun.
Atuh lain ratus deui, tapi aya rebuna sireum anu paeh teh. Barang raja sireum ningal baladna
rea nu paeh, kacida ambekna, tuluy susumbar, Eh Sakadang Gajah, sato nu telenges, nu teu
boga ras-rasan ka papada mahluk, rasakeun pamales ti kami.
Ulah adigung asa aing. Engke di Jumaah Kaliwon, urang perang tanding jeung kami! Walon
gajah bari seuri, Rek ngajago Sakadang Sireum teh? Lamun enyaan, heg ku kami didagoan!
Di mana hayang perang teh?
Tuh di ditu, di handapeun tangkal waru nu itu, nu condong ka jalan! gancang, gajah
nuluykeun deui lampahna. Ari raja sireum teu talangke deui, tuluy bae nabeuh tangara,
ngumpulkeun kabeh baladna.
Teu sabaraha lila, balad sireum teh geus nakleuk di tegalan. Ceuk Raja sireum, Eh balad
kami kabeh! Di Jumaah Kaliwon kaula rek perang tnding jeung Sakadang Gajah, tuh
handapeun tangkal waru nu itu! Ku sabab eta, kaula menta ka aranjeun sakabeh ulah
sisingeun, kudu pada digarawe.
Sarerea kudu nyieun lombang sing gede pikeun piruang. Nya palebah waru nu itu kudu
nyieun piruang teh. Prak geura digarawe ti ayeuna. Tapi kade jukutna mah ulah ruksak, kudu
angger bae kawas ayeuna.
Dikorowot ti jero bae, taneuhna engke sesakeun, tuh kira sakandel papan beunang Sakadang
Manusa, ka luhurna mah. Balad sireum saur manuk, kabeh pada jangji rek pada suhud
digarawe, sarta pada sanggup anggeus dina waktu tujuh poe.
Saomong balad sireun teu nyalahan, dina waktu tujuh poe piruang teh geus beres. Ti luhurna
teu katara, teu jiga piruang meueus-meueus acan, kawantu buatan par ahli nerus bumi.
Barang nepi kana waktuna, kana poe Jumaah Kaliwon tea, subuh keneh Raja Sireum geus
ngabedega sisi piruang beulah kulon, nyahareup ngetan. Saksi-saksi geus karumpul, nyaeta:
Sakadang Peucang jeung Sakadang Monyet.
Wanci haneut moyan, jol Sakadang Gajah ti beulah wetan maju ka kulon, nyampeurkeun Raja
Sireum. Jauh keneh oge Raja Sireum geus celuk-celuk nangtang ka Sakadang Gajah,
Gancang ka dieu Sakadang Gajah, ieu sihung kami geus seukeut meunang ngasah tujuh poe
tujuh peuting, geus sadia bakal maehan sampean.
Lamun enya sampean sakti, gancang geura rontok kami! Barang gajah ngadenge panangtang
Raja Sireum kitu, jol suruwuk bae narajang. Tapi cilaka, teu kungsi nepi, da awakna kaburu
tigebrus manten kana piruang, sukuna tipitek.
Sakadang Gajah adug-adugan meakeun tanaga hayang kaluar tina piruang, tapi weleh teu
bisa. Tungtungna beak tanaga ngajoprak teu bisa walakaya. Ceuk raja Sireum ka balad-
baladna, pek ayeuna geura hanca ku aranjeun eta sato telenges teh!
Balad sireum nu reana mangyuta-yuta, bareng narajang, napuk kana sakujur awak Sakadang
Gajah. Gajah ripuh dicocoan ku sireum. ampuuunampuuun! Sakadang Gajah tulung-
tulungan menta ampun.
Manehna taluk tarima eleh, jeung jangji moal deui-deui ngaganggu ka bangsa sireum. Ti
dinya riwayatna, aya paribasa Sireum oge ditincak-tincak teuing mah sok ngalawan. Atuh
lamun aya nu suten, jempol anu jadi perlambang gajah, eleh ku cinggir anu jadi perlambang
sireum.