You are on page 1of 6

DURIAT APUN GENCAY”

CARPON DIMUAT DI MANGLE APRIL 2014


“DURIAT APUN GENCAY”
Ku Luki Muharam, dikintun Rebo (12/3)
Jalan ka Cikole dumadakan asa jauh, padahal
sarua jeung minggu-minggu katukang naek
bendi ditarik ku dua kuda Eropa, tapi
ayeunamah karasana jauh, kitu cek gerentes
Dalem Astramanggala. Pantes wae rek kitu oge
kusabab Dalem keur kabengbat wanoja
kembang desa Cikembar, najan bau lisung Apun
Gencay kitu ngaran eta wanoja pikeun dirina
siga bidadari kahyangan geulis campernik moal
matak era dibawa ka pendopo, komo umurna 18
taun keur meujeuhna alaeun ibarat
kembangmah. “ Kumaha Demang eta budak
awewe teh geus diparuluh kulawargana, Tanya
atuh bisi geus boga papacangan pan kaula teu
ngenah hate mun ngarebut bebene batur mah, “
cek Dalem Astramanggala Bopati Cianjur anu
kasohor raja kaya, ahli ngebon kopi,
pangawakanana jangkung leutik gagah naker,
paromana kasep ngawirahma. Umur Dalem
Cianjur 40 taun keur meumeujeuhnya kajayaan
hiji lalaki cek dina itungan kolotmah.
Dalem Cianjur harita boga ketak rek mariksa
para pagawe anu ngokolakeun manghektar-
hektar kebon kopi, tangtu nu utamanamah sabari
manggihan deui Apun Gencay wanoja geulis anu
minggu katukang dipanggihkeun ka dirina ku
Demang Cikole, wanoja anu sababara poe
katukang ieu geus ngeusi lamunanana saban
waktu “ Parantos Gusti, Apun Gencay masih
sorangan, taya hahalang taya pakuat pakait
sareng sasaha oge, cocog pisan saumpami
dipigarwa ku gusti “ cek Demang Cikembar bari
nyembah sawaktu mapag Dalem Cianjur turun
tina bendi di pasanggrahan distrik Cikole paranti
lalangse Bopati Cianjur mun lalanto ka Cikole.
Ayeunamah Sukabumi, mangsa harita masih
disebut Cikole bagian ti Kabupatem Cianjur.
Alamna dilingkung gunung, kayaning gunung
Beser, gunung Bengbreng, Gunung Guruh, geus
kitu loba pakaya tina cai aya palabuan ratu,
Lembur Situ, Situ gunung estu ngajadikeun
rahayat jeung gegedenna mamur tentrem ku
kakayon alam.
Sewangan dikamar tukang pasanggrahan, Apun
Gencay keur dirias ku Nyi Demang, kusabab
geus kitu kudunya, sabab saumpama Apun
Gencay diewed ku Dalem Cianjur mawa matak
ka pangkat salakina, bisa wae diponclot tina
pangkat demang. “ Apun ulah ngerakeun kami,
maneh kudu tuhu kana sagala kahayang gusti
Dalem ,sabab lamun teu kitu gusti Dalem tada
teuing benduna. Akibatna kabeh urang Cikole
bakal kabagean mamalana, “ cek Nyi Demang
mamagahan Apun Gencay sabari dirias
digeugeulis. “ Muhun Juragan, “ cek Apun
ngajawab bari tungkul, padahal dina hatena
ratug tutunggulan. Teu disangka sawaktu
diamprokeun jeung Dalem Cianjur minggu
kamari anu asalna ngarasa sieun boh bisi ngan
saukur dijadikeun hiburan wungkul sabot Dalem
aya di Cikole, ayeuna hate leutikna geus
kapentang asmara ku Dalem Astramanggala anu
kasep, gede kakawasaanana, katambah-tambah
loba rajakayana. Apun salila ieu cicing dilembur
Cikembar mantuan kolotna purah ngebersihan
kebon kopi, geus ngarasa teu betah hirup ripuh.
Dina angeunna nyawang yen hiji waktu dirina
kudu hirup senang, sagala aya, hayang teu
dibadegaan wae .
“ Bawa kadieu Nyi Apun !, “ cek Dalem Cianjur
ka Demang Cikole. Anu dititah hariweusweus
muru kakamar tukang, Apun Gencay kaluar ti
kamar lir putri raja kaluar ti kaputren, geulis
campernik, laju nyampeurkeun Dalem Cianjur
anu seuri bungah ningali buah ati sakitu
geulisna, “ Dieu geulis, deukeut kadieu. Akang
teh sono aya samingguna teu manggihan nyai, “
cek Dalem Cianjur. Anu ditanya nyembah
acung-acungan, tuluy diuk timpuh, ngeluk teu
wani tanggah, ngarasa ajrih ku Dalem Cianjur.“
Gusti sembaheun abdi, nyanggakeun diri abdi
kangge gusti, seja babakti ka gusti papayung
nagri, “ cek Apun ngajawab semu dareuda,
dadana ratug dagdigdug nahan gumuruh
cintanana. “ Hayu ayeuna keneh urang ka
Cianjur, nyai baris cicing dipendopo. Samemeh
akang nikah ka nyai, Nyai baris dididik heula
sababaraha waktu sangkan biasa jeung
kahirupan pendopo, “ teges Dalem Cianjur,ti
harita Apun Gencay dibawa ka Cianjur,
ninggalkeun si ema jeung si bapa kolotna anu
teu weleh pasrah kana nasib, Apun geus buleud
rek ninggalkeun sagala kapeurihna hirup jadi
jalma sangsara.
Apun Gencay teh kembang desa, geulisna
sabiwir hiji sa distrik Cikole mah. Ema jeung
bapana sakapeung sok bati bingung kusabab
rabul lalaki anu hayang mikamilik Apun, ngan
weleh kabeh oge taya anu laksana. Lain kurang
kunu garagah karasep, jeung kunu bareunghar,
tapi kabeh lalaki anu hayang ka Apun kabeh
malundur, naon sababna ? Sababnamah aya Ki
Soma jawara anu dipikasieun kusabab sakti
mandraguna bari boga talajak panasan cenah,
cek kolotmah sahaok kadua gaplok. Ki Soma
geus omat-omatan ka kolotna Apun, oge ka
kabeh urang Cikole teu meunang mikeun Apun
ka lalaki mana wae, ihwal ti ka manehna. Najan
can aya beungkeutan antara Soma jeung Apun,
ngan manehna geus asa ngapimilik, padahal
Apun oge can karuhan daek dipigarwa, “ Bapa-
ema, mana Nyai Apun ? Cenah dibawa Demang
Cikole ka Cianjur, naha dibikeun ? “ cek Soma
hariweuweus datang ngajorag padumukan kolot
Apun. “ Ujang ulah ngambek kakami, kamimah
teu walakaya. Juragan Demang katut opas
kamari sore datang ka dieu tuluy mawa si Apun,
cenah jadi ditikah ku Gusti Bupati Cianjur teh, “
cek indungna Apun. Ki Soma ngahuleng, “
heueuh ku geulis-geulisna Apun pangkat bupati
oge kagegeloan, ngan lain tandingan aing lamun
kudu ngarebut Apun ti Bupati mah, tapi dagoan
siah…aing seja ngawales kajadian ieu kumaha
wae carana, “ cek gerentes Ki Soma bari tuluy
ngaleos tiimah kolotna Apun.
Kacaritakeun dipendopo Cianjur, Dalem jeung
Apun keur suka bungah ngaliwatan poe ku
hiasan kembang-kembang cinta duaan, lir ibarat
Raden Mundinglaya jeung Dewi Asri anu papada
mikacinta dina lalakon “Sasakadomas”. Teu
karasa sababaraha poe deui Apun baris
didahup ku papayung nagri, sisiapan dipendopo
katembong pisan najan basajan, loba tukang
kembang, tukang masak, jeung para badega
pendopo pulang anting mawa sarupaning
kaperluan. Ninggang dikabeh pada riweuh, pada
sibuk nyiapkeun karamean taya anu apal Ki
Soma datang ka pendopo mawa kembang
satanggungan nyaru-nyaru tukang kembang, “
Dimana siah Dalem Cianjur, aing paeh ge teu
panasaran lamun geus bisa maehan heula
Dalem anu geus maok bebene aing, “ cek
gerentes Ki Soma bari ngusap-ngusap Condre
bedog leutik anu diselipkeun dina cangkengna.
Sanggeus luak-lieuk bari salungkar salengkor
mawa kembang satanggungan Ki Soma ningali
Apun Gencay keur dirairung ku para dayang di
gedong Pancaniti pendopo, “ emh Apun buah
hate akang , asa beuki geulis wae nyai teh.
Saksian akang rek nyieun balitungan ka Dalem
Cianjur , “ cek gerentesna.
Ngan sawaktu ningal kalebah pendopo dijero
aya hiji jalma diuk dina korsi anu moncorong
komarana dirariung ku para menak anu sila
marendeko, “ itu sigana Dalem Cianjur teh,” cek
Kisoma bari nyalingker sisi pendopo ngadagoan
riungan bubar. Laju Ki Soma mapatkeun ajian
halimunan meunang ngalap ti Ki Bagja kuncen
gunung Gorowong. “ Ajian aing halimunan. Saha
wae moal ngadeuleu aing, jalma, jin jeung demit
marakayangan oge moal ngadeuleu aing, samar-
samar kabeh tetenjoan ka aing kasimbutan
halimun gunung Gorowong, leungit aing tina
panenjo saha wae, leungit ngangles, “ cek Ki
Soma, tuluy nenjrag bumi tilu kali, les ngangles
wujud Ki Soma nu ngaleungit teh asup ka jero
pendopo mawa bedog condre ka hareupeun
Dalem. Dalem Cianjur keur ngabaheuhay di
korsi, inyana ngarasa lungse sanggeus mingpin
riungan, sedengkeun Mas Purwa laceukna anu
jadi panasehatna masih keneh uplek ngobrol
jeung sababaraha menak teu jauh ti Dalem
Cianjur nu keur diuk, teu kanyahoan ku sasaha
bleg Ki Soma nembongkeun diri nangtung
hareupeun Dalem Cianjur, “ Yeuh rasakeun
Dalem, kapeurih kaula kusabab Apun direbut,
baris dibayar ku nyawa anjeun, hayu urang
paeh babarengan, ngababatang papada teu
bisa ngapimilik Apun Gencay, “ cek Ki Soma,
kitu teh bari tuluy nubleskeun condre ka lebah
jajantung Dalem Cianjur anu ngarasa reuwas teu
pupuguh aya jalma jahat hareupeunana. Dalem
ngagiwar saeutik, antukna condre keuna kana
patuangana, atuh burial getih kaluar tina
patuangan Dalem Cianjur bareng jeung peujit-
peujitna, “ Mas Purwa, naha caricing wae, “ cek
Dalem bari gegeroan ka lanceukna.
Anu digeroan reuwas kacida, ningali adina aya
anu nandasa teu kasawang samemehna, Ki
Soma balik nyerang ka Mas Purwa nubleskeun
condre ngan weleh teu neurak-neurak,
beuheung Ki Soma laju dipariueskeun, pakarang
condre direbut ku Mas Purwa bari tuluy
ditojoskeun kana genggerong jeung jajantung Ki
Soma sababaraha kali, cer getih manceur, Ki
Soma teu lila tiwas sapada harita. Layonna laju
dicacag ku hulu balang, diparabkeun ka anjing
edan di sisi alun-alun. Dalem Cianjur anu terus
ngagetih wanci sareupna laju perlaya, layonna
dikurebkeun dikampung Pamoyanan
sagedengeun makam Dalem Tarikolot ramana, ti
harita Dalem Astramanggala / Rd Aria Wiratanu
III disebut Dalem Dicondre. Apun Gencay
wanoja geulis anu jadi rebutan menak jeung
somah, teu lila balik deui ka lemburna di
Cikembar, gawena ngan huleng jentul wae
nepika gering parna, teu lila maot mawa
duriatna anu teu kungsi kebat.

You might also like