You are on page 1of 4

Artikel Kesenian

Oleh :
M. Abdullah Mursyid

8 Baghdad

2015

0
Kuda Lumping

Kuda Lumping nya éta kasenian wangun ibing anu dipaénkeun ku saurang maké kukudaan minangka
média. Iwal ti éta ibing kuda lumping biasana sok aya atraksi anu bahaya saperti ngadahar beling,
jukut, mesek kalapa maké huntu, jsb. Ieu hal nu ngajadikeun kuda lumping sok dipatalikeun keun hal-
hal anu magis, saméméh minton pamaén kudu ngayakeun ritual pikeun kasalametan. Masarakat
mikawanoh kasenian kuda lumping minangka kasenian anu magis lantaran dina ritual pamaén jiga nu
diasupan roh sangkan bisa ngadahar beling atawa nu séjénna, katambah ku gamelan jawa anu
marengan nambah suasana magis dina pintonnana. Cenah, ibing Kuda Lumping mangrupa wangun
apresiasi sarta pangrojong rahayat cacah ka pasukan kuda Pangeran Diponegoro dina nyanghareupan
pangjajah Walanda. Aya ogé vérsi anu nyebutkeun, yén ibing Kuda Lumping ngagambarkeun carita
perjuangan Raden Pites, anu dibantuan ku Sunan Kalijaga, ngalawan pangjajah Walanda. Vérsi séjén
nyebutkeun yén, ibing ieu mengisahkan ngeunaan latihan perang pasukan Mataram anu dipingpin
Sultan Hamengku Buwono I, Raja Mataram, pikeun nyanghareupan pasukan Walanda.Kiwari kuda
lumping dijadikeun kasenian pikeun hiburan, teu jarang kuda lumping anu teu ngasupkeun unsur
magisna tapi leuwih kana ibing katut gerakanna.

Calung

Calung nyaéta pakakas musik Sunda anu mangrupa prototipe (purwarupa) tina angklung. Béda jeung
angklung, cara maénkeun calung mah ku cara nakol (wilahan, bilah) awi anu disusun nurutkeun titi
laras (tangga nada) pentatonik (da-mi-na-ti-la). Jenis awi pikeun nyieun calung lolobana tina awi
wulung (awi hideung), tapi aya ogé anu dijieun tina awi temen (awi pulas bodas). Sajaba dihartikeun
salaku pakakas musik, calung ogé jadi istilah sebutan pikeun seni pintonan. Aya dua wangun calung
Sunda anu dipikawanoh, nyaéta calung rantay sarta calung jingjing.

Jenis calung anu ayeuna mekar sarta dipikawanoh sacara umum nyaéta calung jingjing. Calung
jingjing nyaéta jenis pakakas musik anu geus lila dipikawanoh ku urang Sunda, contona di
wewengkon Sindang Heula - Brebes, Jawa tengah, sarta bisa jadi mangrupa kamekaran tina wangun
calung rantay.

Di Jawa Barat, wangun kasenian ieu dirintis popularitasnya nalika para mahasiswa Universitas
Padjadjaran (UNPAD) anu kagabung dina Departemen Kesenian Déwan Mahasiswa (Lembaga
kesenian UNPAD) mekarkeun wangun calung ieu ngaliwatan kreativitasnya dina taun 1961.
Numutkeun salah saurang panaratasna, Ekik Barkah, yén dijieunna calung jinjing katut pintonanana
kailhaman ku wangun kaulinan dina pintonan réog anu ngadumaniskeun unsur nakol, unggut sarta
lagu dina hiji pintonan.

Saterusna dina taun 1963 wangun kaulinan sarta tatabeuhan calung leuwih dimekarkeun deui ku
parakanca ti Studiklub Teater Bandung (STB; Koswara Sumaamijaya dkk), sarta antara taun 1964-1965
calung leuwih dimasyarakatkeun deui ku parakanca di UNPAD minangka seni pintonan anu boga sipat
hiburan sarta informasi (penyuluhan (Oman Suparman, Ia Ruchiyat, Eppi K.,Enip Sukanda, Edi, Zahir,
saparakanca), sarta grup calung SMAN 4 Bandung (Abdurohman dkk).

Saterusna muncul grup-grup calung di Bandung, contona Layung Sari, Ria Buana, Glamor (1970), nepi
ka danget ayeuna, muncul ngaran-ngaran idola pamaén calung diantarana Tajudin,Nirwan, Odo, Uko
Hendarto, Adang Cengos, jeung Hendarso. Kamekaran kasenian calung kacida onjoyna di Jawa Barat.
Ieu hal téh ngabalukarkeun ditambahanana sawatara pakakas musik dina calung, contona kosrék,
kacapi, piul (biola), komo kiwari mah aya anu dilengkepan keyboard jeung gitar. Unsur vokal pohara
dominan dina calung, ku kituna réa muncul vokalis calung kawéntar, kawas Adang Céngos, sarta
Hendarso.

1
Angklung

Angklung nyaéta alat musik tradisional Sunda nu dijieun tina awi, dimaénkeun ku cara
dieundeukkeun (awak buku awina neunggar sarigsig) sahingga ngahasilkeun sora nu ngageter dina
susunan nada 2, 3, nepi ka 4 dina unggal ukuranana, boh nu badag atawa nu leutik. Laras (nada) nu
dipaké angklung tradisional Sunda biasana saléndro jeung pelog.

Sajarah

Dina kasenian Sunda, nu migunakeun alat musik tina awi di antarana angklung jeung calung. Anapon
awi nu sok dipaké nyieun ieu alat musik biasana tina awi wulung (awi nu kelirna hideung) jeung awi
temen (kelir bodas). Sada nu kaluar tina angklung jeung calung asalna sarua, nyaéta tina solobong
awi nu ngelentrung lamun ditabeuh (diadu).

Angklung geus dipikawanoh ku masarakat Sunda ti jaman karajaan Sunda, di antarana pikeun
ngagedurkeun sumanget dina pangperangan. Fungsi angklung pikeun ngahudang sumanget ieu jadi
sabab dicaramna ieu kasenian ku pamaréntah jajahan Hindia Walanda.

Kasenian angklung kiwari leuwih mekar deui, ku ayana unsur ibing luyu jeung kapentinganana,
misalna dina upacara ngarak paré kana leuit (ngampih paré, nginebkeun) jeung dina mangsa
mitembeyan melak paré (ngaseuk). Pon kitu deui dina mangsa panén jeung sérén taun, nu ilaharna
aya acara arak-arakan nu kadang dibarengan ogé ku réngkong jeung dongdang.

Rupa-rupa angklung

Angklung Kanékés

Di wewengkon Kanékés, angklung utamana dipaké patali jeung upacara-upacara tatanén, lalin keur
hiburan. Angklung dipaké nalika melak paré di huma jeung ngubaran paré (tilu bulan sanggeus
dipelak). Sanggeus dipaké, angklung disimpen dina upacara musungkeun angklung.

Pikeun tujuan hiburan, angklung ilaharna dipidangkeun nalika caang bulan jeung teu hujan. Ieu
hiburan téh digelar di buruan bari nembang, di antarana Lutung Kasarung, Yandu Bibi, Yandu
Sala,Ceuk Arileu, Oray-orayan, Dengdang, Yari Gandang, Oyong-oyong Bangkong, Badan Kula,
Kokoloyoran, Ayun-ayunan, Pileuleuyan, Gandrung Manggu, Rujak Gadung, MulungMuncang,
Giler,Ngaranggeong, Aceukna, Marengo, Salak Sadapur, Rangda Ngendong, Celementre, Keupat
Reundang, Papacangan, jeung Culadi Dengdang.

Angklung Dogdog Lojor

Kasenian dogdog lojor ayana di masarakat Kasepuhan Pancer Pangawinan atawa masarakat adat
Banten Kidul nu sumebar di sabudeureun Gunung Halimun. Najan kasenian ieu ngaranna dogdog
lojor, luyu jeung salasahiji alat musikna, ieu kasenian dilengkepan ogé ku angklung, sabab patali
jeung upacara adat paré. Unggal geus panén, masarakat ngayakeun acara Sérén Taun di puseur
kampung adat (imah kokolot) anu biasana pindah-pindah luyu jeung paréntah tina wangsit.

Tradisi ngamulyakeun paré di ieu masarakat masih terus lumangsung, kusabab masarakatna masih
pengkuh kana adat baheula. Dumasar pitutur turun-tumurun, ieu masarakat adat ngaku salaku
turunan para prajurit karaton Pajajaran barisan Pangawinan (prajurit nu marawa tumbak). Najan kitu,
masarakat kasepuhan ieu geus lila ngagem Islam sarta narima kana modérenisasi. Luyu jeung
kamekaran ieu, dogdog lojor ogé kadang sok midang dina acara nyunatan, ngawinkeun, sarta
karaméan lianna.

2
Kasenian dogdog lojor dimaénkeun ku genep urang nu nyepeng alat musikna séwang-séwangan,
nyaéta dua dogdog lojor jeung opat angklung gedé, nu masing-masing boga ngaran: gonggong,
panémbal, kingking, jeung inclok (noron ti nu pangbadagna).

Lagu-lagu dogdog lojor di antarana Balé Agung, Samping Hideung, Oléng-oléng Papangantén, Si
Tunggul Kawung, Adulilang, jeung Adu-aduan.

Upami di Sukabumi kasohorna Dogdog loyor pangrojong dina acara panen.

Angklung Gubrag

Angklung gubrag ayana di kampung Cipining, kecamatan Cigudeg, Bogor. Ieu angklung umurna geus
kolot, dipaké dina upacara melak, ngunjal, jeung ngadiukkeun paré ka leuit. Dumasar carita turun-
tumurun, ieu angklung téh mimiti aya dina hiji mangsa paceklik.

Badéng

Badéng téh mangrupakeun kasenian nu asalna ti Sanding, Malangbong, Garut. Bentuk kasenian
angklung ieu dipaké pikeun kapentingan da'wah Islam, kira abad ka-16 atawa 17. Harita, Arpaén
jeung Nursaen (dua warga Sanding), diajar Islam ka Demak. Samulangna ti Demak, aranjeunna
nyumebarkeun ajaran Islam ka masarakat Sanding hususna migunakeun kasenian badéng.

Angklung nu dipaké dina pintonan badéng aya salapan: angklung roél dua, angklung kecer hiji,
angklung indung jeung bapa opat, jeung dua angklung anak anu dibarengan ku dogdog dua, terebang
atawa gembyung dua, jeung kecrék hiji. Rumpaka tembangna maké basa Sunda nu euyeub ku istilah
basa Arab, nu kadieunakeun ogé ditambah ku basa Indonésia. Eusi rumpakana taya lian ti ajén
-inajén Islam jeung pitutur. Pidangan ieu kasenian kadang ogé dibarengan ku debus nu mintonkeun
élmu-élmu kawedukan.

You might also like