You are on page 1of 2

Payung Butut

Kadatangan Naib anyar geus jadi bahan omongan batur sa Desa.


Naib nu di pandang darajatna kusabab katurunan ningrat, tapi sifatna
teu sombong sareng teu mandang darajat.Tapi naib anyar ieu beda,
Naib ieu sombong kusabab katurunan ningrat jeung sok mandang
darajat.
Naib anyar ngagaduhan istri sareng anak nu bageur, sifat
sombong Naib teu diturunkeun ka anak sareng istrina. Naib anyar ieu
gaduh putri nunamina Siti Habibah nu sok dipanggil Ebah, 17 taun.
Di hiji poe siti habibah papendak sareng Suganda, salasahiji anak
kuwu atawa kapala desa. Siti habibah sareng Suganda duanana tos
ngagaduhan hate. Duanana ngagaduhan niat keur kawin, Suganda
nyobaan dek ngalamar. Basa bapana Suganda ngalamar hanjakal
ditolak ku pa Naib kusabab Suganda lain katurunan ningrat jeung teu
pantes kawin jeung katurunan ningrat.
Di hiji poe Desa eta kadatangan saorang juru nulis kawedanaan,
namina R. Wiraatmaja. Sanggeus babaraha poe di desa, Wiraatmaja
papendak Siti Habibah. Wiraatmaja bogoh ka Siti habibah tuluy
Wiraatmaja ngalamar Siti habibah. Dibarengan ku hate bungah pa
Naib narima lamaran Wiraatmaja sabab Pa Naib tos ninggal tinamina
nu aya R na, marukankeun raden nu katurunan ningrat. Tapi pas
dicaritakeun asal usul Wiraatmaja apekteh Wiraatmaja sanes
katurunan ningrat tuluy di tolak lamaran eta.
Neng ebah geuring teu katulungan. Cenah geuring usus buntu,
geus dioperasi tapi kurang darah. Pa Naib miwarang ka barudak
pasantren titah ngadonorkeun getih kanggo neng Ebah. Tapi barudak
aya nu satuju aya nu henteu, nu satuju ngan Suganda sareng nu lainna
nu satuju. Ngadonorkeun getih kanggo neng ebah janten, Suganda
sareng nu lain di ngadonorkeun getihna kanggo neng Ebah. Neng
ebah sehat deui tuluy, Suganda jadi deukeut deui sareng neng ebah
sakaligus kulawargina. Eta kasempatan moal disia-siakeun ku
Suganda kusabab aya peluang keur Suganda kawin sareng neng ebah.
Lila kalilaan Pa Naib sadar tuluy nyatujuan lamaran suganda. Akhirna
Neng ebah sareng Suganda kawin tuluy bahagia salamina.
Novel Pipisahan
Emin nyaeta salah saurang kaum istri sunda nu di lahirkeun
sareng di ageungkeun dina kulawarga sunda nu hirup di pakampungan
Jawa Barat. Saperti kaum istri sunda umumna Emin disiapkeun jadi
kaum istri nu pinter mawa dirina jeung dina waktuna jadi hiji indung
nu bias ngatik jeung ngadidik anak anakna. Emin teu di didik jadi
kaum istri pikeun nyiar kipayah jeung pakasaban nu bisa nyubadanan
diri na sacara ekonomi, sabab dina jamanna memang teu laim pikeun
kaum istri nyiar kipayah jeung pakasaban.
Emin ditikah ku saurang lalaki pilihannana sorangan, nu dina
awal rumah tanggana hirup kalayan bahagia sok sanajan pinuh ku
kasederhanaan. Ngan maranehna kaganggu ku kadatangan mitoha
Emin anu sering menta duit pikeun mayar hutang. Hutang mitohana
nu di lakukeun sababaraha kali teh dina kanyataannana teu pernah
dibayarkeun padahal kahirupan kulawarga emin nu hirup sederhana
jeung geus boga tilu urang budak, pamentaan duit ti mitohana
mangrupa hiji halnu ngabeuratkeun.
Akhirna ku pamenta mitohana emin di serahkeun ku salakina
jeung mawa anakna nu pangleutikna balik ka imah indung bapana di
kampong. Teu lila ti harita salaki emin kawin deui jeung hiji awewe
pilihan nu jadi kolotna. Emin pernah gering nangtung ngalanglayung
kusabab pipirahanna tea, ngan ku ayana dukungan kolotna jeung
sakabeh kulawargana ngajadikeun emin jadi kuat jeung tegar.
Ku bogana modal kapinteran ngajait jeung dagang emin nyiar
kipayah pikeun ngagedekeun anak anakna. Ku kapinteran ngajait
emin beuki maju dina harta benda. Dina hiji waktu anak kadua nu di
asuh ku urut salakina di anterkeun. Kadatangan anak kaduana
ngajadikeun hate emin beuki tenang jeung nimbulkeun sumanget
pikeun nyiar kipayah.
Waktu urut salakina gering ripuh emin ku ningali kaayaannana
ngarasa prihatin. Emin pinuh kaikhlasan pikeun ngabantuan
kabeungberatan nu jadi urut salakina, nepi ka urut salakina nu masih
di picinta tilar dunya.

You might also like